6 Januari 2015 | Dibaca : 3304x
Filosofi H. Ma’soem
- Ngomong ayeuna kudu bisa dipake isuk
- Mun aya nu muji hareupeun, awuran ku keusik
- Ngurus domba diarah dagingna, ngurus anak teu sholat nyilakakeun kolot
- Mun teu bisa seuri mah, tong dagang, da seuri mah teu meuli
- Lain gede leutikna hutang, tapi itikad ngalunasanana
- Mending ditipu, tibatan nipu
- Kahade tong ninggalkeun sholat, jeung kudu nyaah ka nu leutik
- Mun ngomong kudu aya bukurna
- Kudu sieun ku jalma leutik, lantaran du’a na gampang di ijabah
- Tong jiga hurung barangbang
- Mun aya nu ngondang, usahakeun datang
- Tong nolak tamu, lantaran sok mawa barokah
- Munding dicekel talina, manusa omonganana
- Mun hayang hasil pamaksudan, kudu daek peurih
- Kudu inget kana purwadaksina
- Hirup tong boros tapi ulah bakhil
- Jadi jalma mah kudu jujur,
- Insya Allah dimana wae bakal bisa hirup
- Anu halal oge teu kadahar, nanaonan neangan anu haram
